Wilujeng Sumping

Blog iyeu mangrupikeun hiji wadah aspirasi kanggo para nonoman sunda dina raraga ngamumule Seni Budaya Sunda

Sabtu, 09 Juni 2012

NSP Production Art's SMK PASUNDAN 2 BANDUNG

NSP Production mangrupikeun wadah kagiatan pikeun seuweu-siwi SMK Pasundan 2 Bandung dina ngamekarkeur bakat sareng minat para nonoman dina widang seni sareng budaya sunda.

Drs. W. Lesmana, M.MPd, M.Si. estu ngarojong pisan ngadegna lingkung seni NONOMAN SUNDA PASUNDAN (NSP) nu di asuh ku Aom Lambreno ari anu janten marga lantaran kaonjoyan dina seni sunda disakola teh kungsi janten patandang dina pasanggiri pop sunda, lawakan sunda, puisi sunda sareng seni nu sanesna nu di buktoskeun ku piala-piala nu ngajengjreng di studio NSP.
Kiwari SMK Pasundan 2 Bandung mibanda rohangan kanggo rekaman nu kasebat NSP STUDIO DIGITAL RECORDING nu dugi ka kiwari studio nu kasebat tos dianggo rekaman ku seuweu-siwi-na. halimpuna sora sareng arransemen pirigan lagu oge alhamdulillah parantos kengeng pangangkenan ti para seniman sunda. diantarana seueur nu komentarna kieu : "lumayan proses rekaman di NSP teu nguciwakeun oge arransemen musik Aom Lambreno keuna pisan nyundana" pokna kitu ti sababaraha kanca.

Sim kuring (Aom Lambreno) bungah amarwatasuta teu dinyana gening sok sanaos seni sunda ampir-ampiran teu di lieuk tapi seueur gening seuweu-siwi di SMK Pasundan 2 Bandung nu mibanda bakat dina widang seni tradisional sunda, malah diantarana aya wae seuweu-siwi nu ngahaja nepangan ka sim kuring cenah hoyong diajar kana kawih pop sunda. asa kagagas tur bangga dina jaman kiwari aya keneh nonoman nu mikaresep/migandrung kana seni tradisional sunda.

Ngalangkungan Ekstra Kurikuler Kasenian, NSP oge ngatik sareng ngadidik seuweu-siwi-na dina ngaronjatkeun pribadi/laku lampah seuweu-siwi nu ngamuara jadi seuweu-siwi nu mibanda tata krama/sopan santun pibekeuleun jaga pikeun kahirupannana mangsa datang.  sok komo Yayasan Pendidikan Dasar dan Menengah Pasundan (YPDM Pasundan)/Paguyuban Pasundan mibanda motto nu unggelna :
1.  Pengkuh Agama-na
2.  Luhung Elmuna.
3.  Jembar ku budayana.
Motto diluhur ku Pupuhu SMK Pasundan 2 Bandung (Drs. W. Lesmana,M.MPd, M.Si.) estu di larapkeun dina ngokolakeun sakola kalayan alhamdulillah kiwari jumlah nu minat ka SMK Pasundan 2 Bandung ampir-ampiran leber teu kawadahan.

Tidak ada komentar:

Lingkung Seni Nonoman Sunda

Lingkung Seni Nonoman Sunda
Duta Seni SMK Pasundan 2 Bandung

Upacara Adat Sunda

Upacara Adat Sunda
para mojang nonoman sunda nalika mintonkeun kamonesan dina seni tari

Laman