Wilujeng Sumping

Blog iyeu mangrupikeun hiji wadah aspirasi kanggo para nonoman sunda dina raraga ngamumule Seni Budaya Sunda

Sabtu, 09 Juni 2012

MIKARESEP SASATOAN

Mun pareng rineh sim kuring sok pirajeunan ngusapan si kujang (harimau putih) sabab lamun tos kitu sim kuring sok ngarasa tingtrim hate, samalah si kujang siga nu betah lamun diusapan teh nepi ka tibrana.

DADASAR SENI DI SMK PASUNDAN 2 BANDUNG

Aom Lambreno ngajentrekeun ka asuhannana dina ngaronjatkeun ajen seni budaya sunda di SMK Pasundan 2 Bandung. perlu kasabaran dina mere dadasarna seni ka barudak sabab barudak jaman kiwari mah rada beda jeung anu katukang tukang. tapi ku sakitu oge sim kuring reueus ningali kasumangetan barudak nu ngabandungan nalika sim kuring ngabeunyeurbeaskeun anu aya patula-patalina dina widang seni budaya sunda.

TIM RAMPAK SEKAR SMK PASUNDAN 2 BANDUNG

Para Nonoman Sunda Pasundan (NSP) nalika ngeusi acara di Gedong SABUGA dina raraga milangkala Paguyuban Pasundan taun 2011. 

NSP Production Art's SMK PASUNDAN 2 BANDUNG

NSP Production mangrupikeun wadah kagiatan pikeun seuweu-siwi SMK Pasundan 2 Bandung dina ngamekarkeur bakat sareng minat para nonoman dina widang seni sareng budaya sunda.

Drs. W. Lesmana, M.MPd, M.Si. estu ngarojong pisan ngadegna lingkung seni NONOMAN SUNDA PASUNDAN (NSP) nu di asuh ku Aom Lambreno ari anu janten marga lantaran kaonjoyan dina seni sunda disakola teh kungsi janten patandang dina pasanggiri pop sunda, lawakan sunda, puisi sunda sareng seni nu sanesna nu di buktoskeun ku piala-piala nu ngajengjreng di studio NSP.
Kiwari SMK Pasundan 2 Bandung mibanda rohangan kanggo rekaman nu kasebat NSP STUDIO DIGITAL RECORDING nu dugi ka kiwari studio nu kasebat tos dianggo rekaman ku seuweu-siwi-na. halimpuna sora sareng arransemen pirigan lagu oge alhamdulillah parantos kengeng pangangkenan ti para seniman sunda. diantarana seueur nu komentarna kieu : "lumayan proses rekaman di NSP teu nguciwakeun oge arransemen musik Aom Lambreno keuna pisan nyundana" pokna kitu ti sababaraha kanca.

Sim kuring (Aom Lambreno) bungah amarwatasuta teu dinyana gening sok sanaos seni sunda ampir-ampiran teu di lieuk tapi seueur gening seuweu-siwi di SMK Pasundan 2 Bandung nu mibanda bakat dina widang seni tradisional sunda, malah diantarana aya wae seuweu-siwi nu ngahaja nepangan ka sim kuring cenah hoyong diajar kana kawih pop sunda. asa kagagas tur bangga dina jaman kiwari aya keneh nonoman nu mikaresep/migandrung kana seni tradisional sunda.

Ngalangkungan Ekstra Kurikuler Kasenian, NSP oge ngatik sareng ngadidik seuweu-siwi-na dina ngaronjatkeun pribadi/laku lampah seuweu-siwi nu ngamuara jadi seuweu-siwi nu mibanda tata krama/sopan santun pibekeuleun jaga pikeun kahirupannana mangsa datang.  sok komo Yayasan Pendidikan Dasar dan Menengah Pasundan (YPDM Pasundan)/Paguyuban Pasundan mibanda motto nu unggelna :
1.  Pengkuh Agama-na
2.  Luhung Elmuna.
3.  Jembar ku budayana.
Motto diluhur ku Pupuhu SMK Pasundan 2 Bandung (Drs. W. Lesmana,M.MPd, M.Si.) estu di larapkeun dina ngokolakeun sakola kalayan alhamdulillah kiwari jumlah nu minat ka SMK Pasundan 2 Bandung ampir-ampiran leber teu kawadahan.

Jumat, 08 Juni 2012

KAMONESAN SEUWEU-SIWI SMK PASUNDAN 2 BANDUNG DINA WIDANG SENI

Sampurasun !
Tah iyeu photo salah sawios kamonesan barudak kasenian di SMK Pasundan 2 Bandung

Dwiki Darmawan NSP.  seuweu kelas X jurusan teknik komputer jaringan nalika rekaman di studio NSP-SMK Pasundan 2 Bandung. Saha seuweu-siwi nu bade nyusul sapertos nu diluhur mangga diantos di NSP.




Tantry Susanti NSP. siwi kelas X jurusan teknik komputer jaringan nalika rekaman di studio NSP-SMK Pasundan 2 Bandung. Saha seuweu-siwi nu bade nyusul sapertos nu diluhur mangga diantos di NSP.



Kamis, 07 Juni 2012

HAYU URANG PAKE UNGGAL POE AKSARA SUNDA

Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Sampurasun !
Hurip Sunda !

Sim kuring umajak ka dulur-dulur nu dilembur oge baraya nu di kota atawa dimana wae ayana, hayu segut singkil urang babarengan nanjeurkeun ki sunda ku ngamumule seni sareng budaya sunda.  salah sahijina nyaeta AKSARA SUNDA, malah mandar jati diri ki sunda teh teu ilang/tilem atawa kasilih/kapangaruhan ku kamajuan jaman.  tong boro aksara sunda gening seni sunda di jaman kiwari oge bener-bener ampir leungiteun. nu salah mah nyaeta manusa nu ngaku urang sunda tapi teu jeung prakna.
tah ayeuna mangsana pikeun nu rumasa ngaku urang sunda sok atuh larapkeun kasundaan teh dina kahirupan urang sapopoe. !
kieu weh ayeuna urang mimitian ku mikawanoh aksara sunda nu dina mangsa iyeu sim kuring masihan software kanggo aksara sunda gratis tiasa di Install dina PC atawa Laptop, nu peryogi sok atuh tah  BETOT SOFTWARENA mudah-mudahan aya mangpaatna tur jadi pamatri ati silaturahmi diantawis urang. sok aaahhhhh deerrrrr KI SUNDA MAKALANGAN !
Wassalamu'alaikum Wr. Wb.
Sampurasun !
Hurip Sunda !
BETOT SOFWARE AKSARA SUNDA (HARATIS)

Lingkung Seni Nonoman Sunda

Lingkung Seni Nonoman Sunda
Duta Seni SMK Pasundan 2 Bandung

Upacara Adat Sunda

Upacara Adat Sunda
para mojang nonoman sunda nalika mintonkeun kamonesan dina seni tari

Laman